07 August 2009

Nampi Paramadina Fellowship 2009

Saatos mangsasih-sasih "sirah jangar asa bencar" kaluar ti Kawah Chandradimuka Bina Siswa SMA Plus Cisarua nglalantung teu puguh hirup neangan hurip kapaaasten Gusti nu mangjadi, alhamdulillah X 10 pangkat teu aya hinggana kuring bisa ngalalakon drama tholabul 'ilmi di tempat anu anyar. Dinten eta, ping 31 Juli 2009, hate tingdulugdag ningali Bewara Nu Nampi Paramadina Fellowship 2009, tabuh 17:00 langkung kuring muka di warnetna Pa IJ, tereleng, bewara dina file .xls nyantumkeun kuring di nomer panungtung Nu Nampi Paramadina Fellowship 2009!!! Dag-dig-dug duer Daia hate kuring antukna bisa kuliah haratis di Jakarta, teu kabayang ku awang-awang. Carita perjuangana panjang. Kieu yeuh.

Sakitar awal 2009, Kang Aan sareng Kang SMS (sendy Maulana Shaleh) mromosikeun ayana beasiswa full cream pikeun +- saratus budak ngora. Saurna teu jiga PMDK, ieu mah ditileina dina sagala widang, akademikna, non akademikna, kaaktifana, sagalana lah. Kuring saparakanca (andalas) dibejaan kudu ngirimkeun salian ti anu wajib-wajibna saperti rapot, fotokopi bla bla bla, foto, piagam, esay, jsb, kuring saparakanca oge alusna mah cenah ngasupkeun karya urang, boh karya sastra, karya ilmiah, atawa teks drama, jurig nu kararitu we...Dina formna oge sagala rupa ditanya, pengalaman organisasi, tokoh favorit, sagala we. Ari kuring nu hayang sampurna tea nya (perfeksionis meureun) terus we ngalengkepan nu can aya, da teu puas-puas, ti mimiti nelpun SMP 17 Tasikmalaya pikeun nyieun SK Ketua OSIS jeung akreditasi sakolana, muka deui berkas teks drama jaman kuring kelas 11, tug nepi ka kaping panungtungan cap pos 11 April 2009, kuring can ngirimkeun-ngirimkeun wae. Ampir hilap tah can ngirim form kuring kabeurangan buru-buru lumpat ka Kantor Pos Barukai, mios tabuh hiji langkung, datang-datang ka kantor pos masih buka, alhamdulillah, pas ditaros Bapa-bapa tukang posna teh cenah tos tutup, ngan sok we cenah diantosan. Ari kuring teu acan ngadamel esay, ngajret we ka Warnet gigireun kantor pos ngeprint form essay tea. Sabenerna mah tos ngadamel kuring teh, ngan pinuh teuing. Teu dikonsep heula di warnet teh, tereleng we ngadamel esay sakainget. Alhamdulillah euy kakirim..........

Selang sawatara minggu aya bewara di asrama nu asup nominator Paramadina Fellowship 2009. Dina bor teh teu kacantum kuring, ah lain jalana meureun PF'09 teh. Pas wengi terahir konfirmasi kesediaan diwawancara, kuring dibejaan ku Patria yen kuring asup pi-PF'09-eun, buburanyat ka internet asrama, aya pekna teh Rizal Muttaqin SMAN 1 Cisarua Teknik Informatika, tah guruntul harepan ngagulayut deui.

Kuring, Erton, Ali  Rudini, jeung Ramdhani sapoe memeh tes nyicingan kosan istri di Bandung di kamer tetehna Ramdhani da sieun tinggaleun tea, bisi macet lah, naon lah, di Bandung ieuh. Asa kararagok sakumpulan lalaki cicing di kosan istri, ah da kapaksaTesna mah ngawengku tes Bahasa Inggris, salevel TOEFL (emang soal TOEFL), sawala pagotrot (debat), wawancara saurang-saurang jeung bakat. ANu suram mah kuring ngabakat ku butuh niup suling Sunda bari teu mararatut, keur mah suling butut, niupna slah, nadana salah. ah, teu kunanaon, nu penting mah ALHAMDULILLAH kuring bisa kuliah bari teu ngabeungbeurat kolot.. Sa-Indonesia deuih. Ieu teh mangrupa amanah anu harus bin kudu diinvestasikeun jadi metamorfosis kuring jadi JELEMA!!!

Hitung






Komentar

Tentang Blog Ini

Seorang pembelajar yang berharap tidak berhenti belajar, seorang hamba yang berharap tidak berhenti menghamba

Followers