18 December 2008

Panggilan "Akang"

"Akang"sebutan keur lanceuk kelas di sakola kuring. Boh di asrama Binsis SMA Plus Cisarua, boh di SMA Negeri 1 Cisarua. Kuring sok sharing pangalaman jeung barudak asrama deui yen kabiasaan ngageroan anu pikalanceuk teh sok kacaletot jadi Akang. Kuring ge da baheula ka lanceuk kelas anu sa-SMP manggil Aa, eh pas saasrama kudu manggil Akang. Asa rada kararagok munggaranana mah. Naha ka lembur terus kababawa. Pangalaman eta karandapan oge ku adi kelas kuring, si Syihab Muchsin basa anjeunna seja nambut calana hideung ka kuring, pokna:"Eu, eu.....Aa, eh Akang, nambut lancingan hideung!" Kuring mah seuri na hate, kagokkeun, da sasakola wae ti keur SD.

Tah, sugan teh budaya "Akang" teh disuburkeun di SMANCis teh ngan saukur lantaran budaya tio anak asrama, pekna teh, basa kuring ka SMA Negeri 1 Padalarang bet sarua nyarebut Akang, atawa Kab. Bandung Barat mah kitu nya??Boa teuing nepi ka Kab. Bandung oge meureun.

Aya hiji deui kabiasaan SMANCis anu dina kacapanon kuring mah teu galib. Komo anak umumna mah, rereana sok marake jaket, jiga nu papamer-papamer jeket teh. Teu kaharti, beurang-beurang melentrang oge haben nagen jeung jeket. Padahal, suhu Cisarua mah moal sarua jeung Antartika, komo cenah naek 2 darajat Celsius denge-dengena.

Ah, teuing panganehna mah barudak sakola SMA ayeuna mah ngarasa exist make calana rock'n'roll atawa calan emo atawa calana patlot ngarana? Komo pas nagog katenjo aksara "BOXER" jeung sajinisna, meni hayang nejeh kuring mah.
Pokona mah urang emang kudu selektif dina mamantes maneh....

2 komentar:

Anonymous said...

Assalamualaikum wr.wb
akang kumaha kabarna...?
mudah-mudahan baek" z...amin
akang apa atuh yang harus anun siapkan...?coz nun tanyain b'kali" akang gak pernah blz....
eh a kmren aa nun yang percis banget a kemaren dah nikah doa'in yach biar rumah tangganya sakinah,mawadah,wa rohmah....amin
akang salamin ke a'syhab coz dia tuh dulu temen basket nun....

by:Anun (hikarina kirrei)

Anonymous said...

asslamualaikum!!!!!!!!!!!!!!!!!

Hitung






Komentar

Anonymous commented on tema ikon karasa jaga untuk libreoffice: “Apa itu the**efo*est?”
Anonymous commented on tema ikon karasa jaga untuk libreoffice: “sudah siap jadi professional UI/UX designer. mau join di the**efo*est?”
Aisyah commented on info psb bina siswa bag 1: “Apa itu hanya berlaku untuk yg kurang mampu aja,bagaimana dgn keluarga yg sedrhana??? Apa boleh…”
milisdad commented on linux dan windows 8 fast startup: “Tips yg sangat membantu”
Outbound Malang commented on kejujuran yang menyakitkan: “Kunci keberhasilan adalah menanamkan kebiasaan sepanjang hidup Anda untuk melakukan hal - hal yang…”

Tentang Blog Ini

Seorang pembelajar yang berharap tidak berhenti belajar, seorang hamba yang berharap tidak berhenti menghamba

Followers