15 January 2010

Gambar Lembur dina Google Earth

Aduh, kuring jadi panasaran gambar citra lembur di Kampung Benteng dina Internet, langkung tepatna dina Google Earth kumaha nya, iseng-iseng milari aeh aya geuning eta kelurahan teh anu euyeub ku serang (sawah) sakurilingna. Ieu gambar cenah mag dicandakna ping 26 Mei 2002


Tah, ieu SMP kuring
Pami ieu SD kuring

Pas ditingal pekna teh pencitraanna kaping 26 Mei 2002, aduh, heubeul oge nya, pantesan SMP na ge jiga basa abdi munggaran lebet, salit keneh bangunana. Kawitna mah rada lieur ningali ieu teh, numana nya lembur, alhamdulillah antukna kapendak oge, ngan hanjakal, rorompok mah teu jentre naker gambarna.

Anehna, kan aya pasilitas nandaan ti Google Earth jiga di handap. Kuring teh kantos nandaan, tapi teu aya tilasna, kumaha carana nya ambeh tiasa nimbrung nandaan? Aya nu terang teu?



0 komentar:

Hitung






Komentar

Tentang Blog Ini

Seorang pembelajar yang berharap tidak berhenti belajar, seorang hamba yang berharap tidak berhenti menghamba

Followers